Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2024

KEBERSIHAN SEKOLAH

 "Kaberesihan teh kudu ku urang jaga, boh eta kaberesihan awak, kaberesihan sakola, kaberesihan imah, kaberesihan lingkungan tempat urang, jeung lain sajabana. Contona mun di imah mah nyaeta urang kudu daek beberesih enggon sare, kamar mandi, dapur, rohangan, buruan, jeung lain sajabana kabeh kudu beresih." "Urang tangtuna inget yen kaberesihan teh sabagian tina iman, salain eta kaberesihan teh sumberna tina kasehatan. Jalma nu daek beberesih tangtu sehat. Sedengkeun jalma anu teu daek atawa kedul kana beberesih, gampil pisan kakenaan ku panyakit. Kusabab kitu, hidep salaku budak sakola mah kudu daek diajar beberesih, salian ti beberesih awak, urang kudu ngajaga kaberesihan di lingkungan sakola. Contona miceun runtah kudu ka tempatna, kekebul jeung runtah di jero kelas kudu disapukeun, tuluy papan, kaca, meja, korsi, jeung parabot kudu dielapan sangkan teu pinuh ku kekebul,." "Salain katempona beresih, sabab lamun lingkungan sakola jeung kelas urang beresih teh...

SAMPURASUN

 Sampurasun nyaeta sapaan dina basa Sunda,sampurasun oge aya nu nyebut salam sunda,aya nu nyebut saharti jeung assalamu'alaikum.  Sampurasun eta asalna tina dua kata nyaeta sampura jeung sun,sampura hartina hampura jeng sun hartina ingsun atawa kuring,jadi sampurasun teh bisa dihartikeun "hampura kuring". Kata sampurasun eta dijawabna ku kata rampes,rampes nu hartina ngahampura,aya deui dina kamus bahasa naskah"rampes"teh hartina sampurna,alus,tartib,utama jeung sajabana. Sampurasun jeng rampes eta pasangan kata anu ngagambarkeun nilai kasejahteraan antara pamimpin jeung rakyat. 

blog syahrul

 Ini blog syahrul